Syair dari tanah Pasundan

Hirup teh teu gampang

Teu cukup ku dipikiran

Bari kudu dilakonan

Jalan kahirupan

Teu salawasna datar

Aya pudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang

Ulah nepak dada beunghar

Eling ka Nu Maha Agung

Hidep sing ngadarma

Turut parentah agama

Ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobat

Daud sareng para kiai

Sangkan aya nu ngageuing

Mangsa lengkah ninggang salah

Jaga ucap lampah

Sifat jeung tabeat

Sangkan pinanggih bagja

Salamet dunya aherat

Langit masih caang

Jalan masih panjang

Hideup kudu tenang

Kabagjaan pasti datang

Jang, ulah hariwang
Previous
Next Post »

Selamat Datang Sahabat....
Silahkan tinggalkan komentar dan saran


Out Of Topic Show Konversi KodeHide Konversi Kode Show EmoticonHide Emoticon

Thanks for your comment